1. KONSERVATIF : am dahar tahu, terus ngegel cengek.
2. PROGRESIF : Ngegel cengek heula, terus ngahuapkeun tahu
3. SPEKULATIF : Manggih cengek terus digayem, da susuganan
bakal manggih tahu
4. IMAJINATIF : Can ge dahar tahu jeung cengek, geus seuhah
jiga nu lada
5. OPTIMIS : Ngarasa yakin bakal aya nu mere tahu, matakna
ngaheulakeun ngagayem cengek
6. NEKAD : Ngagayem cengek 20 siki bari teu jeung ngadahar
tahu
7. ITUNGAN : Memeh am dahar, ngitung heula jumlah tahu kudu
kelipatan 2 jeung jumlah cengek
8. OPTIMIS : Mamawa cengek bari ngadeukeutan tukang tahu ,
sugan jeung sugan dibere tahu haratis
9. DRAMATIS : Tas dahar tahu cengekna loba teuing, terus
cirambay bari ngesot ngadeukeutan dispenser
10. SOMBONG: Memeh am, nyarita ka sarerea "Tempo yeuh,
kuring rek dahar tahu jeung cengek!"
11. KAPITALIS : Manggih cengek langsung dipelakkan, sugan
geus bubuahan bisa dijual, hasilna keur meuli tahu
12. FANATIK : Lamun nempo batur dahar tahuna beda, sok
langsung ngambek
13. KRITIS : Samemeh am, sok nanya "Kunaon lamun dahar
tahu kudu jeung cengek? Naha teu bisa ngadaharna jeung Rhemason? Khan sarua
panasna?
14. MELANKOLIS : Rek am dahar tahu, kadupak batur, tahuna
ragrag, terus ceurik bari nyanyi " Betapa malang nasibku..semenjak
ditinggal tahu... 😭"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar